Selasa, 15 September 2020

Daring Pelajaran Basa Sunda Kelas 6 (16-09-2020)


BAB II 

KAHIRUPAN TURTA NYAAH BUMÉLA KA LEMAH CAI 


NGAREGEPKEUN PUPUH DURMA 

saréréa urang téh kudu sayaga ngajaga lemah cai 
ti nu niat jahat nagara jadi teu aman 
rayatna jadi teu tingtrim jiwa ragana 
ulah jadi karisi masarakat sadaya 
ngarasa aman lingkungan sepi paling sauyunan 
pisan ngajaga kaamanan ningtrimkeun raga jeung batin 
béla nagara ngariksa lemah cai 

NGAJAWAB PERTANYAAN 

Pikeun maham eusi pupuh, pék jawab pertanyaan ieu di handap! 
1. Saha nu dimaksud “saréréa” dina rumpaka pupuh durma téh? 
2. Naon nu dimaksud saréréa urang kudu sayaga? 
3. Naon nu dimaksud lemah cai téh? 
4. Naha urang kudu ngajaga lemah cai? 
5. Kumaha carana urang ngajaga lemah cai téh? 
6. Nurutkeun pamadegan hidep, saha baé nu rék niat jahat ka lemah cai téh? 
7. Naon maksudna ”masarakat sepi paling” dina pada kadua? 
8. Sebutkeun amanat eusi pupuh durma Buméla ka Lemah Cai! 

CANGKEM HARTI KECAP IEU DI HANDAP. PÉK JIEUN KALIMAH! 

Sayaga = sayogi (lemesna), sadia 
Tingtrim = rasa aman, tenang 
Raga = awak atawa badan 
Karisi = kasieun aya kajadian nu ngabahayakeun 
Béla = daék nulungan batur tina kasusah kalawan ihlas 
Ngariksa = ngajaga

 
bloging tips